Minggu, 04 Desember 2011

Ki Sobat Jeung Ki Sobat


Tong  jadi wae kitu nepungan si Jasa the ?Tapi apan amanat deuih ti Tineu. Mmanehna rek ngawinkeun anakna nu cikal Hayang bari reuni babaturan  SMA pajar the.
                Ondangan nage ngahaja tutas hajat.kapok basa nepungan si Kahar,jadi kawiwirangan.salah kuring ongkkoh.bet nyanyaruakeun batur jeung diri sorangan. Suganteh waktu dua puluh taun henteu bisa ngarobah sikap jelema. Boro mokahaan.
Yuni nu datang namah. Manehna katalatahan ku Tineu, pangmikeunkeun ondangan keur “geng” kuring, cenah. Ngan limaan sobat dalit mah. Batur sakokoh sainum,sili bonceng dina motor. Silitiron mun ulangan. Ngan nu duamah geus teu kapanggih raratanana. Kahar jeung Jasa cenah geus jadi gegeden. Lantaran ka Kahar mah leuwih conggah,ngahaja nu tiheulakeun the manehna. Geus tangtu atoheunana panggih jeung kuring. Sast maneh namah remen dibantuan mayar spp,dakolotna loba anak. Kahar mindeng elat mayar iyuran sakola,sok di pangnalangankeun. Sakapeung mah tepi ka teu mayarna kana hutang the,bakat ku susuah meureun. Malah buku-buku mah teu sirikna kuduaan bae jeung kuring. Lain sakaliduakali ngendong ukur rek milu ngapalkeun. Nu matak gede hate manggihan the. Ongkoh haying nyaho siga kumaha ayeuna. bejana  geus beunghar. Teu kungsi kuliah manehnamah,da terus digawe,lulus ti SMA the.
Rada rewas basa tepung the.basa dating ka kantorna,ceunah manehna can datang. Kuring nungguan di ruang tamu. Basa resepsionis nanyakeun geus jangji atawa henteu,make di kepeskeun asa piraku,jeung sobat nepi ka kudu poporotokolan,reresmian. Tapi ngagugu ari kudu nulis ngaran jeung nomor telepon imah mah.
“tuh geuning bapa sumping,” cek mojangh gelis the
Teu sirikna rek ngajorowok kuring nenjo manehna leumpang ka lebah kantorna,diabringkeun ku sababaraha lalaki make baju seragam. Taya riuk-riuk sono,sumawonna hayang ngagabruk. Kahar leumpang ajeg ukur ingguk bari teu seuri-seuri acan nenjo ka kuring. Pohoeun deui,kitu? Era we kuring ku nu aya didinya. Atuda mani sasat ngajorowok,atoh teupung jeung sobat,saenggeus aya puluhna taun teu tepung.
“har,ieu sayah,” cek kuring, nyobaan ngudag. Manehna teu ngalieuk deui saenggeus tadi ingguk the. Sakikitu na bae. Asa pamohalan ari poho mah. Bet manehna ge henteu sing amtak pangling. Kitu deui kuring,asa teu robah-robah teuing beunget the.
“sanggem abdi ge kedah jangjian heula,pak,” ceuk si geulis.
“Muhun,manawi the emuteun keneh.”
“kenalan kapungkur,pa?”
“rerencangan nuju di SMA,” tembal the bari indit. Kaeraan.
Tepi ka duia poe mah,sangkaan the manehna pohoeun wae. Pamajikan mah nyengseurikeun basa di dongengkeun the. Pajar the keun we,kang,sing sabar. Sing rumaos wae atuh ,akang mah ukur pagawe leutik. Rada onjoy soteh pedah jadi penulis. Coba mun akang jadi pejabat mah atawa konglomerat,itu nu bakal neangan,ceuk indungna budak. Make ngarasa tugenah dikitukeun the. Piraku si Kahar nepi ka era ngaku wawuh jeung kuring?
“hilapeun panginten,kang,” ceuk pamajikan.
“Atawa sombong kitu,lain poho,” ceuk kuring maka rada nyeuneu. Kaduhung di caritakeun. Awewe tea sok bari emosi mun narima beja pikatugenaheun the.
Make terus carindakdal. Komo geus apalen mah yen keur budak kuring nyaah pisan ka Kahar,teu sirik sahuap diduakeun. Mun emuteun the enjing ge nelepon,ceuk pamajikan. Enyaan isukna si Kahar nelepon ti imahna.
“hampura euy,sayah yeh keur dines. Engke deui ulah kitu,nelepon heula memeh dating the. Da sayah the ayeuna mah kauger ku protokoler,teu bisa sagawayah,” pokna.
“euh enya,hampura wae atuh.sayah kapihapean ondangan ti yuni,sobatna Tineu rek ngawinkeun, hayang bari reuni ceunah,” ceuk kuring.
“enya kadieukeun we,ngan kudu nelepon heula. Kitu we,nya.”
Kuring teu kaburu nembalan,da telepon di tutup manten. Emh,rajeun the nelepon,mani dararinis naker nyarita nage. Ketah sakitu ge daek nelepon.
“teu bisa sagawayah ceunah,lin. Sidik pisan geus beda. Moal di tepungan deui. Boa wirangeun meureun aya nu ngaku sobat papakeananan butin. Akang deui nya lain sing ginding. Tapi da kumaha atuh. Da hese nyumputkeun kateuboga mah……..”
“parantos ah,bet katutuluyan,” ceuk pamajikan.
“suganteh ari sobat mah te aya urutna.”
“parantos,jungjunan,ulah kateterasan,” ceuk manehna bari ngajembel.
“ondangan mah pos-keun we,kitu?” ceuk kuring.
“sae namah kitu.”
Ngeunteng kana eta kajadian,basa rek nepungan si Jasa rada rumandeg. Antaras rek teupung langsung jeung di poskeun. Sieun manehna siga Kahar. Pura-pura teu wawuh,lantaran ka uger ku protokoler tea basana mah. Jeung asa embung nyeuri hate duakali. Tapi pamajikan nu soleh hatena, nitah nepungan. Ulah sok ngashompetdaunkeun ,ceunah . dina eunyana sarua jeung Kahar,keun we. Pajar the moal bohak iyeuh di pangbalierkeun ku urut sobat. Hadean boga pamajikan the nya sabar nya soleh. Ambek nu ngabeurung teh leumpeuh,lir di banjjur ku cai tina kendi,tiis nyecep. Mun teu ras ka Yuni,lah hoream.
Lantaran sieun kawas Kahar,kuring ngahaja nyieun janji heula ka sekertarisna,rek nepungan isukan. Teu nyebyt ngaran keur budak,nu didaftarkeun dina buku neng geulis the ngeran ayeuna. Henteu ari ganti ngaran mah,ngan di tambahan ngaran bapa satukangeunana. Isukna di barengan rasa bungah jeung gede hate,kuring ngajugjug kantor Jasa. Ngahaja rada isuk keneh,tur dangdanan resmi. Make sapatu sagala.
Enyaan Jasa the gegeden.dasemah anu rek mangadep the mani loba,tur ganding. Kuring diuk dina antayan. Ceuk si geulis,kabagean nomer tilu. Nu kahiji kadua mah marake seragam pagawe. Kuring unggeuk ,bari ngeukeupan map di eusi ondangan. Biasa meureun ari nungguan mah sok kacida keselna. Kapan ceunah ge pang cape-capena pagawean,nyaeta nungguan. Panceg pukul  dalapan, neng sekertaris nangtung mapageun nu dating. Enyaan si Jasa. Ti kajauhan ge geus kaciri dedeganana. Manehna jangkung ti bubudak ge,ngan ayeuna mah rada lingsig awak nateh. Make baju seragam pagawe,dituturkeun ku lalaki saurang ngelek map. Kurina nyalingkar katukangeun nu diuk ti heula. Tapi basa leumpanglebah nu narungguan,manehna ngarandeg.mundur deui salengkah,terus neges-neges kuring.
“ieu the jaman?” pokna.
Kuring unggeuk bari rada ngangslog kahareup.
“ya Alloooh,gustii.maneh the kunaon mani olo-olo teu nanya ti tatadi.hayu asup.susi,ieu mah sobat bapa keur SMA. Sakeudap,nya,sono,” pokna ka semah nu sejen bari ngaleng kuring langsung asup ka rohangan kantorna.
Lain deui bungahna papanggih the,tepi ka ngagebuk kana tonggong. Jasa mapayakeun dimana jeung kumaha kahirupan ayeuna. Kuring nyebutkeun digawe di penerbit ukur pagawe handap,ngan sok kalan-kalan nulis artikel. Manehna colohok di bejaan the.
“oh,eta the ente?mindeng sayah ge maca. Suganteh lain ente. Bisaan. Timana diajar nulis? Pan bareto mah nyieun surat ka kabogoh ge,beak kertasna sa-rim da gagal deui gagal deui,teu ari ku dijojoet,” pokna, bari seuri ngabarakatak.
Basa di bejaan mawa ondangan ti yuni titipan Tineu the,cakakak deui seuri.
“siga kumaha si Yuni ayeuna?”
“ wah gendut ayeuna mah,” ceuk kuring.
“ hentuu jebag siga bapana ,mah?” barakatak seuri. Ingeuteun keneh harita sarua naksir si Yuni.
“ kumaha si Kahar panggih jeung ente?” pokna bari edge
“biasa we keur sibuk tuda.”
“sibuk naon? Mangkukna ti dieu,biasa we hayang ditulungan,” pokna.
“teu panglingeun ka ente basa tepung?” ceuk kuring
“Ah,naha make pangling.angger we si eta mah goring patut. Manasina sayah beuki kolot beuki kasep,” tembalna bari nyakakak.
Bener ceuk  pamajikan mun kuring boga jabatan mah kaharge moal api-api teu wawuh. Buktina si Jasa ge idek liher ceunah. Jasa nitah ulah waka balik da sono,ceunah tapir as ka semah nu ngantai. Kuring buru-buru permisi,bari mikeun ondangan.
Leumpang asa tandang,langkah-langkah ge asa panceug. Basa kaluar ti kantorna,kabeh nu aya di dinya, kaasup sekertarisna,mani rengkuh,bangun kacida hormatna ka kuring. Paingan ceuk pamajikan,ulah sok ngahompet daunkeun.